Halaman

Translate

Cari

PAPATAH KOLOT NGURUS RUMAH TANGGA.

1. Sing nyaah ka pamajikan, sabab pamajikan ibarat indung nu ngalahirkeun anjeun.

2. Mun keur ambeuk ka pamajikan, ulah ngomong kasar! Leuwih Hade indit niiskeun hate Jeung pikiran( ulah neunggeul Komo nyiksa da pamajikan teh lain musuh)

3. Jantungna rumah tangga teh pamajikan, mun pamajikan teu Bagja, maka Kabeh pangeusi Imah moal bagja, ( teu Aya heureuy seri, silih pikanyaah ku kadeudeuh)
Sing nyaah ka pamajikan ngarah Bagja kawas di surga.



4. Loba awewe di luar nu leuwih geulis ti pamajikan, peupeujeuh ulah kagoda jalan Kahirupan anjeun bakal cilaka, nu ahirna hanjakal salilana.

5. Gede jeung saeutik resiko pamajikan, tetep kudu di perhatikeun kumargi kitu pamajikan bakal ngado'akeun jg nyambut salaki Dina mangsa balik gawe ku kadeudeuh.

6. Dua urang nu cicing di Imah, ulah gengsi nembongkeun tingkah laku Saha nu menang saha nu eleh, lantaran dua nana lain rek di adu! tapi Batur hirup salilana.

7. Ulah nganyeurikeun pamajikan, lantaran mun geus balik ka indungna hese rek balik deui, keur lalaki bakal kasiksa mun Sono ka anak.

8. Ajarkeun budak anjeun kumaha hormat ka indung, sabab jaga bakal kawin ngalakonan naon nu di ajarkeun.

9. Rezeqi salaki milik ti awewe keur resiko Jeung pangabutuh, bikeun resikona lantaran Aya hakna, insya Alloh rezeqi lancar tur barokah.

10. Silih do'akeun, bere jalan kanu bener, titah shalat, sabab salaki pamingpin, dosa anak jeung pamajikan di tanggung ku salaki.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar