Halaman

Translate

Cari

Pagawe Bangunan geus Kolot menta Pangsiun

Dongeng Dak, Ngabuburit Dak.
Aya hiji pagawe bangunan geus kolot. Tuluy eta pagawe teh laporan ka dunungana, menta pangsiun, sabab geus kolot, cape digawe bae.
Dununganana bijaksana, narima pamenta eta pagawe tea ngan aya syaratna.
"Bapa, abdi nganuhunkeun pisan ka Bapa tos ngabantos abdi mang taun- taun, upami bade pangsiun mah mangga da eta hak Bapa, ngan memeh Bapa pangsiun abdi nyungkeun Bapa mantosan abdi sakali ayeuna...".

"Mantuan naon Juragan ?", cek pagawe teh.
"Eta pang nyieun imah ukurana mah sakitu, bahana tos disayagikeun, tuh tempatna beulah ditu, gigireun masigit. Ari waktuna mah kumaha Bapa, rek di 10 bulankeun mangga, rek sabulankeun mangga, malah rek didua minggukeun ge mangga, kumaha Bapa we".
Ngadenge parentah dunungan kitu teh, si Bapa langsung narima tugasna, bari pok nyarita.
" Juragan insyallah 3 minggu ge bangunan teh bereslah".
Dina hate eta pagawe ngagerentes, aing mah hayang istirahat, hayang buru buru pangsiun hayo kalah nitah digawe deui. Ayeuna mah nu penting anggeus da tadi ge waktuna mah kumaha kuring.
Salila 3 minggu si Bapa ngawangun imah, kulantaran rusuh, atuh puguh hasilna teh amburadul.
Sanggeus beres ngawangun, tuluy eta pagawe teh lapor ka Dununganana,
"Jugaran wangunan teh tos beres, mangga nyanggakeun, abdi mah hoyong buru- buru pangsiun !'.
Dununganana ngajwab.
"Alhamdulillah, ning tereh Bapa, nuhun pisan, ngan memeh Bapa kaluar abdi rek nyarita ka Bapa".
"Bade nyarios naon Aden teh" ceuk eta pagawe.
"Bapa abdi rek nganuhunkeun ka Bapa, margi Bapa geus ngabantu perusahaan kuring mang taun- taun. Tah imah anu diwangun kamari ku Bapa teh sabenerna mah imah keur Bapa, itung-itung tempat istirahat...!!!".
Barang ngadangu cariosan Dununganana, eta pagawe ceurik....ehm hanjakal ngawangun teh gurung gusuh, mun nyaho imahna keur kuring mah rek dialus- alus rek apik digawe teh, sabab imahna ge keur kuring, ari ayeuna mah kumaha atuh, nya wayahna we kudu siap ngeusian imah butut.
Taaah para wargi sadaya, ibadah urang ge kitu, ibadah teh sanes kanggo Allah, tapi keur urang sorangan, matak ulah sok.gurung gusuh, solat ti paparetot teu puguh, maca Alquran gancang teu puguh, sodakoh milihan nu pang murahna jeung panggorengna, ke lamun geus ditembongkeun hasilna, atawa ganjajarana di akherat, kakara urang hanjakal.
Percumah Bageur hanjakal di akherat mah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar