Halaman

Translate

Cari

MAPAG TAUN ANYAR 2019

Poé Senen anu Pamungkas,
Taun Dua Rébu Dalapan Belas,
Ieu Haté meni asa Kagagas,
Nyérédét bet karasa Wa'as,

Nyawang Mangsa anu Lawas,
Awak keur Jagjag Waringkas,
Sagala-rupa mah Tangginas,
Tetempoan Cékas & Béngras,



Teu karasa Umur nambahan,
Sésa Hirup beuki ngurangan,
Loba anu acan kacumponan,
Kahayang tacan kawaranan.

Sanajan loba kapanasaran,
Anu teu bisa kabadanan,
Usaha & Taréqah dilakonan,
Ka wates ku kamampuhan.

Taun Dua Rébu Salapan Welas,
Buka ku Lambaran Bodas,
Pancegkeun Niat anu Labas,
Papag ku Haté nu Bangblas.

Wilujeng Mapag Taun Anyar,
Mugi Baraya aya dina Hibar,
Salawasna Séhat & Cénghar,
Dina Ridho Gusti anu Akbar.

Aamiin...Yaa Allah Yaa Robbal'aalamiin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar