Halaman

Translate

Cari

HOME / SENI DAN BUDAYA / URANG SUNDA PASEUKNA TANAH JAWA

Urang Sunda Paseukna Tanah Jawa
Urang Sunda mangrupakeun salah sahiji séké sélér nu ngeusi utamana bagian kulon pulo Jawa, populasi kadua panglobana di Indonésia. Luyu jeung sajarahna, urang Sunda lolobana sumebar di lemah caina nu kiwari sacara administratif sumebar di propinsi Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul. Lian ti éta, program transmigrasi ti Tatar Sunda ka sababaraha wewengkon di Kalimantan jeung Sulawesi ogé ngahasilkeun kantong-kantong masarakat Sunda, katambah ku pribadi-pribadi nu sumebar di sakuliah dunya, nu utamana kadorong ku motif ékonomi.



Basa Sunda
Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda (aya sababaraha basa wewengkon, nu masing-masing boga ciri) dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu sacara tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa campuran (Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna. Kadéséhna basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana kusabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda.

Salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu sacara tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa campuran (Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna. Kadéséhna basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana kusabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda.

Budaya
Numutkeun sajarahna, cenah mah urang Sunda téh boga dasar budaya huma, sahingga condong ka solitér. Titinggal kaadaban kolot kapanggih di wewengkon sisi Situ Bandung Purba, Guha Pawon, sarta sababaraha situs arkéologi mangrupa kabuyutan/pamujaan mégalitik. Di Nusantara/Indonésia, bukti arkéologis nunjukkeun yén kaadaban tulis pangkolotna téh aya di Tatar Sunda. Karajaan-karajaan Sunda nu kacatet dina sajarah atawa katalungtik titinggalna aya sababaraha karajaan, di antarana Salakanagara, Kendan, Tarumanagara, Sunda, Galuh, Sumedanglarang, Cirebon, jeung Banten.

Ageman
Numutkeun titinggal arkéologis sarta naskah-naskah Sunda kuna nu tos katalungtik, urang Sunda jaman baheula boga ageman monotéis, nu ka dieunakeun kapangaruhan atawa katambah ku ajaran Hindu, Buda, Islam, jeung Kristen. Ageman pituin urang Sunda (Sunda Wiwitan) bisa kénéh ditempo di Kanékés, Banten, nu ti jaman baheula ngurung manéh tina kamodérenan. Kiwari, kalolobaan urang Sunda ngagem Islam.

Upajiwa
Alam Sunda nu taneuhna subur ngarojong ka urang Sunda kana hirup tatanén, boh anu mangrupi: sawah, huma, pakebonan sayur, jeung leuweung produksi. Ka dieunakeun, ku mekarna industri jeung dagang, pakasaban urang Sunda jadi rupa-rupa sakumaha ilaharna bangsa lian.

Stratifikasi sosial
Urang Sunda mah cenah katelah égalitér, kagambarkeun tina basa nu dipaké ku gegedén karajaan jeung cacah dina carita-carita tradisional nu teu wanoh kana undak-usuk atawa tingkatan basa. Kadieunakeun, utamana ti saprak dijajah Mataram, "kamonésan" Sultan Agung dina nyiptakeun undak-usuk basa ditiron ku para ménak Sunda, nu hasilna mangrupa jungkrang antara ménak jeung cacah. Dina jaman dijajah Walanda, dua tingkat sosial ieu kasambung ku istilah priyayi, golongan pagawé pamaréntahan (birokrat, militér, jeung guru) nu sabenerna mah lolobana kaasup golongan ménak kénéh. Dina awal abad ka-20, strata sosial ieu beuki luntur, komo sanggeus jaman kamerdikaan mah. Najan kitu, nepi ka kiwari, watek féodal téh kadang sok kaciri kénéh aya dina kahirupan urang Sunda.

Kasenian
Kasenian Sunda anu masih populér di masarakat di antarana Wayang Golék, tembang Cianjuran, penca, rupa-rupa ibing (jaipongan, tari merak, jsb.), calung, degung, angklung, carita pantun, beluk, jsb.

Ngaran
Urang Sunda mah ilaharna maké ngaran anu basajan, kadang cukup ku sakecap, bari jeung pondok. Ku ayana pangaruh Islam anu kuat, urang Sunda loba nu maké ngaran nu nyokot tina 'asma'ul husna' digabung jeung landihan tradisional. Mun dua kecap, kadang sok maké pola "tolong-menolong" (suku kecap nu diulang), misalna Cécép Gorbacép, Asép Gumasép, Didin Saépudin, jsb. Tapi, kitu sotéh ti golongan cacah, sabab pikeun golongan ménak mah (baheula), biasana mah ngaranna diwangun ku dua kecap, sahingga rada panjang. Misalna baé Umar Wirahadikusumah, Ginanjar Kartasasmita, Huséin Jayadiningrat, Huséin Sastranegara, jsb.


Mengenal Asal Usul Angklung
Bandung, yang berada di tanah parahyangan erat kaitannya dengan kesenian tradisi sunda dimana terdapat bermacam-macam alat kesenian ya ...
Organisasi Budaya Paguyuban Pasundan
Lambang Paguyuban PasundanDidirikan 20 Juli 1913Jenis Organisasi Budaya SundaKetua H. A. Syafe'iPaguyuban Pasundan (ejaan aslinya Pago ...
Paribasa Kolot Baheula
Paribasa atawa pepatah anu geus diinformasikan sacara lisan turun temurun ti para karuhun (karuhun) pikeun bekel ngajalanan kahirupan. ...
Tatakrama Basa Sunda - Undak Usuk Basa Sunda
I. RAGAM BASA HORMAT (BASA LEMES)Dina hakekatna digunakeunana ragam hormat teh taya lian pikeun nembongkeun rasa hormat ti nu nyarita ...
Kujang - Antara Falsafah dan Mitologi Sunda
Kujang adalah salah satu senjata khas dari daerah Jawa Barat, tepatnya di Pasundan (tatar Sunda). bentuk senjata ini cukup unik, dari ...
Agama jeung Kapercayaan Sunda Asli
Nu ngagem kapercayaan Sunda buhun:Urang Sunda Kanekes (ngaran topna: Baduy).Kanekes teh ngaran hiji tempat di Banten.Ngaran Agama & ...
Naskah Kuno - Pustaka dan Tradisi Mandala
Naskah Kuno (Tradisi Mandala) di Sunda ngeunaan Ilmu Pengetahuan:(1) Caradigama Sastra (lmu Etika dan Tatakrama)(2) Caracara Pustaka ( ...
Pupujian, Cermin Kearifan Orang Sunda
Islam sebagai satu agama yang diyakini berasal dari Allah.Swt, sedangkan budaya lokal (Sunda) berasal dari hasil olah karsa, karya, da ...
Kumpulan Pribahasa, Babasan, Paribasa Sunda Jeung Hartina
Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahormat ka batur, boga hate luhur, tapi tungtungna sok ngarunghak jeung kurang ajar, anu ...
Kesatuan Adat Banten kidul Kasepuhan Sinar Resmi
Kesepuhan Sinar Resmi terletak di Desa Sirna Resmi Kecamatan Cisolok Kabupaten Sukabumi yang terletak diantara perbatasan Provinsi Jawa...

Asal Usul Prabu Siliwangi
Sri Baduga Maharaja (Ratu Jayadewata) mengawali pemerintahan zaman Pajajaran, yang memerintah selama 39 tahun (1482-1521). Pada masa inilah ...

Paribasa Kolot Baheula
Paribasa atawa pepatah anu geus diinformasikan sacara lisan turun temurun ti para karuhun (karuhun) pikeun bekel ngajalanan kahirupan.

Pangeran Cakrabuana, Raden Syarif Hidayatullah, Prabu Kian Santang
Pangeran Cakrabuana, Raden Syarif Hidayatullah, Prabu Kian Santang : Tiga Tokoh Penyebar Ajaran Agama Islam di Tanah Pasundan Berb...

Pesan Kepada Rakyat Sunda Sebelum Prabu Siliwangi Menghilang / Tilem
Prabu Siliwangi berpesan pada warga Sunda Pajajaran yang ikut mundur dari tatanan kerajaan pada waktu beliau akan menghilang / tilem, di tu...

Asal Usul Orang Sunda
A. Mencari sejarah sunda dengan dua perahu Sudah sejak tahun 1950-an orang Sunda gelisah dengan sejarahnya. Lebih-lebih generasi sekarang,...

Kujang - Antara Falsafah dan Mitologi Sunda
Kujang adalah salah satu senjata khas dari daerah Jawa Barat, tepatnya di Pasundan (tatar Sunda). bentuk senjata ini cukup unik, dari s...

Orang Sunda, Target Kristenisasi No.1 Di Dunia
Akhir November 2010, International Crisis Group (ICG) merilis laporan berkode “Asia Briefing N°114” yang sangat mengejutkan. Secara bla...

Naskah Sunda Kuno - Kumpulan Do'a, Jampe dan Silsilah
Ringkasan isi: Isi naskah ini terdiri atas kumpulan jampe (mantra), doa dan beberapa kisah atau silsilah para bangsawan dari kerajaan t...

Kumpulan Pribahasa, Babasan, Paribasa Sunda Jeung Hartina
Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahormat ka batur, boga hate luhur, tapi tungtungna sok ngarunghak jeung kurang ajar, anu ...

Asal-Usul Nama Sunda - Sejarah
Tadinya saya hanya mencari-cari asal-usul nama jalan di seputaran Dago, yaitu jalan Purnawarman, Sawunggaling, Mundinglaya, Ciungwanara, Ra...
KOMENTAR URANG SUNDA
Jan 30 Jasmine Aisha @ Asal Usul Orang Sunda: “Tdk ada Sunda Banten atau Sunda Jawa barat, Sunda itu satu jangan di kotak kotakan, yg pasti leluhur penghuni pulau…”
Nop 28 Sony Dipraja @ Agama Asli Ageman Urang Sunda Baheula: “Sadaya na urang sunda ngaku ka sundaan na mah. Ngan hiji nu tos pudar teh rasa sunda na mana??, rasa mikawelas mika…”
Nop 24 Beges @ Pesan Kepada Rakyat Sunda Sebelum Prabu: “upami hoyong terang ka sejarah tanah pasundan enggal ka kemayoran nepangan aba' bulloh abu bumi na di luhur ..”
Nop 14 Kopi Hideung @ Asal Usul Prabu Siliwangi: “Yh pasti kerajaan sunda lebih stabil di banding majapahit,bisa jd jg lebih kuat (solid).prabu siliwangi pas naik tahta…”
Nop 02 Nabila Putri @ Prabu Geusan Ulun Kerajaan Sumedang: “Mana bahasa sundanya��”
Nop 01 Ardiansyah Firdauz @ Orang Sunda Target Kristenisasi No1 Di: “Klo g salah Para Misionaris Berasal Dari Kalangan Non-Sunda kan.kalau Kita Bersihkan Kalangan Non-Sunda Dari Jawa Barat…”
Okt 30 Angga Hdht @ Pesan Kepada Rakyat Sunda Sebelum Prabu: “Eces jentre,teu nyalahan sakedik oge…… lepat sareang heunteu tetep Allah SWT, anu uninga mah…”
Okt 23 Ujang Momon @ Agama Asli Ageman Urang Sunda Baheula: “sok ayeuna urang sabagai urang sunda urang baralik deui kana budaya sunda”
Okt 17 Fahrul M @ Asal Usul Orang Sunda: “Saya asli tangerang & saya orang sunda/banten. Belakang ini saya sangat tertarik dg sejarah leluhur saya sendiri.…”
Sep 18 Deni Burhanudin Gb @ Agama Asli Ageman Urang Sunda Baheula: “Maha Suci Allah nu ngawasa langit jeung bumi.”
Sep 11 Kali Maya @ Asal Usul Orang Sunda: “Salakanagara adlh kerajaan pertama di indonesia ini dan yg kedua adlh kutai...”
Sep 01 Daden Taofik @ Asal Usul Orang Sunda: “Iya...banyak miripnya. Tapi bisa jadi sebaliknya, orang sunda leluhur orang dayak. Karena dilihat dari peradaban budaya…”
Ags 05 Anak Dayak Kalbar @ Asal Usul Orang Sunda: “orang Sunda berasal dari Kalimantan, lihatlah budaya dan tata cara hidup pertanian dan sosialnya sangat mirip bahkan…”
Juli 23 Berry Sugar @ Asal Usul Prabu Siliwangi: “Kalau dr silsilah keturunan n literatur di atas sptnya tuaan siliwangi..walaupun masa pemerintahannya bersamaan dgn era…”
Juli 23 Berry Sugar @ Asal Usul Prabu Siliwangi: “Kalau dr silsilah n literatur nya sih tuaan kerajaan sunda..tahun pemerintahan siliwangi jg bersaman dgn era…”
Juni 03 Ade Gunawan @ Pesan Kepada Rakyat Sunda Sebelum Prabu: “Assalamualaikum,Punteun sumberna ti mana, ditilik sami kajadiana sareung anu dialaman”
Mei 21 Rangga Hanungka @ Asal Usul Prabu Siliwangi: “Tuaan majapahit ato siliwangi? Setau q kerajaan terbesar se nusantara dan yg ptama kali adalah kerajaan Sriwijaya..…”
Maret 17 Burhanakum @ Pesan Kepada Rakyat Sunda Sebelum Prabu: “Assalamualaikum warrah matuloohi wabarakatuh....dina maca blog ieu...abdi ngabandingkeun sagala nu di tulis sareng…”
Maret 16 Kusnadi @ Agama Asli Ageman Urang Sunda Baheula: “nuhun, janten nambihan pangartos”
Maret 07 Roniyadi Baban @ Sabar Kana Panyangka: “assalamualaikum, hapunten kang bade ngiring nge shareken sareng ngiring COPAS upami di widianmah upami teu upami teu ku…”
Jan 18 Zahra Syarief @ Orang Sunda Target Kristenisasi No1 Di: “Apabila melihat sepintas saja pranata hidup dan keyakinan terhadap keberadaan supranatural, nampak jelas bahwa agama…”
Jan 10 Andang Juanda @ Asal Usul Prabu Siliwangi: “Jadi lebih tahu sejarah..”
Sep 22 Deana Fauziah @ Asal Usul Prabu Siliwangi: “Di tanah sunda yg jelas he he”
Sep 15 Nur Cahyati Syah Putri @ Satria Piningit Dina Uga Wangsit: “silahkan lihat sejarah dan silsilah : www.partaisatriapiningit.or.id”
Ags 07 Endang Suhendar @ Naskah Kuno Pustaka Dan Tradisi Mandala: “Nuhun pisan informasina sae, sanaos ngan ukur ngabibitaan”

© 2009 - Urang Sunda - Kenali Leluhur, Sejarah, Bahasa dan Budaya Asli Urang Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar