*Kabeurangan-1*
Guru : “Udin, naha kabeurangan?”
Udin : “Bapa jeung Ema paséa”
Guru : “Naon hubunganana jeung manéh?”
Udin : “Sapatu abdi dicekel hiji séwang”
*Kabeurangan-2*
Guru : “Kunaon kabeurangan?”
Udin : “Hujan Pa”.
Guru : “Mun hujan unggal poé?”
Udin : “Banjir Pa..!!”

*Kabeurangan-3*
Guru : “Naha kabeurangan?”
Udin : “Emam bubur heula Pa..”
Guru : “Naha dahar bubur bet jadi kabeurangan???”
Udin : “Pan tukang bubur dagangna rada siang.”
Guru : “Naha kabeurangan?”
Udin : “Emam bubur heula Pa..”
Guru : “Naha dahar bubur bet jadi kabeurangan???”
Udin : “Pan tukang bubur dagangna rada siang.”
*Kabeurangan-4*
Guru : “Kunaon kabeurangan ?”
Udin : “Pun Aki pupus Pa..”
Guru : “Innalilahi wa inna ilaihi rojiun, sing sabar nya… Sabaraha taun Aki teh umurna?”
Udin : “Duka atuh… pan tos pupus. Narosna kumaha?”
Guru : “Kunaon kabeurangan ?”
Udin : “Pun Aki pupus Pa..”
Guru : “Innalilahi wa inna ilaihi rojiun, sing sabar nya… Sabaraha taun Aki teh umurna?”
Udin : “Duka atuh… pan tos pupus. Narosna kumaha?”
*Kabeurangan-5*
Guru : “Naha kabeurangan?”
Udin : “Naha naros ka abdi?”
Guru : “Apan manéh nu kabeurangan datangna!”
Udin : “Bapa nu lepat mah, kunaon sumpingnana miheulaan abdi…?”
Guru : “Naha kabeurangan?”
Udin : “Naha naros ka abdi?”
Guru : “Apan manéh nu kabeurangan datangna!”
Udin : “Bapa nu lepat mah, kunaon sumpingnana miheulaan abdi…?”
*Kabeurangan-6*
Guru: “Ku naon kabeurangan?”
Entin: “Aya pameget ngudag”
Guru: “Naon hubunganna?”
Entin: “Manéhna lirén ngudag, ku abdi diantosan”
Guru: “Ku naon kabeurangan?”
Entin: “Aya pameget ngudag”
Guru: “Naon hubunganna?”
Entin: “Manéhna lirén ngudag, ku abdi diantosan”
*Kabeurangan-7*
Guru : “Naha kabeurangan?”
Udin : “Mantuan bapa ngawinkeun domba, pa”
Guru : “Naha teu bisa ku bapa manéh sorangan???”
Udin : “Teu tiasa pa, kedah ku domba deui”
Guru : “Naha kabeurangan?”
Udin : “Mantuan bapa ngawinkeun domba, pa”
Guru : “Naha teu bisa ku bapa manéh sorangan???”
Udin : “Teu tiasa pa, kedah ku domba deui”
.indahna berbagi seuri.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar