Halaman

Translate

Cari

Unak-anik Basa Sunda


NGARAN RUPA-RUPA KASAKIT
Ngaran rupa-rupa kasakit dina basa Sunda, di antarana:
– Amandel  = kasakit daging jadi dina elak-elakan atawa tikoro.
– Asup angin = kasakit pangaruh angin.
– Babareuhan = kasakit (busung lapar), barareuh méh saluar awak; kasakit bareuh di hiji tempat dina awak (semu muncunghul kawas bisul ngan taya mataan).
– Barusuh = kasakit dina sungut lantaran panas beu-teung, sariawan.
– Batuk = kasakit lantaran aya gangguan dina tikoro.
– Batuk bangkong = batuk kosong.
– Batuk gangsa = batuk lantaran aya gangguan dina bayah (TBC, jsb.).
– Balas bogo = kasakit kulit sabangsa hapur, warna bodas, semu karadak.
– Bengang = kasakit kotor, lantaran resep rucah, jsb.
– Bengék = asma, mengi.
– Bisul = kasakit handapeun kulit, bareuh anu ngan-dung nanah sarta mataan.
– Bisul beunyeur = bisul leutik, matana siga beunyeur.
– Borok = raheut nu tuluy nambahan lantaran inféksi atawa radang anu pohara.
– Botoleun = kasakit dina dampal suku, liangan
– Budug = kasakit kulit, barudus atawa carénang biasana ateul lantaran kuman.
– Bunghak = kasakit lantaran loba hawa dina beuteung, hésé hitut.
– Bungkul = sabangsa bisul ngan leuwih teuas.
– Busung = kasakit kembung beuteung.
– Cacar = kuris, kasakit kulit nu babari tépa.
– Cacingeun = kasakit (budak) dina beuteung lantaran cacing.
– Cénang  = sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan biasana lantaran ateul nu digaro, tuluy inféksi.
– Congé = kasakit di jero ceuli (budak), kaluar nanah.
– Daging jadi = daging anu jadi teu samistina tur ngalantarankeun ayana kasakit.
– Diséntri = kasakit di jero beuteung, kalahajat getihan.
– Ganaseun = kasakit kulit, warnana semu beureum ngageblég (méh siga kulit ganas), karasa ateul, renyem; ganaseun sok aya ogé nyebut “sékat”.
– Gélo = burung, teu waras ingetan.
– Geregeseun = kasakit nyeri kiih, aya nu dilantarankeun ku ayana batu di jero rarangan, aya ogé nu henteu.
– Getih wuwungan = daging atawa tulang eumeur di jero lantaran kateunggeul atawa titajong, katénjona semu biru.
– Gondok = kasakit dina beuheung, siga bareuh nepi ka ngagandoy (melendung), tumerapna sok nahun.
– Gondongeun = kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu lila; gondongeun sok disebut ogé “kasakit anjing”.
– Hapur = kasakit kulit totol-totol barodas, karasana ateul mun kakésangan, babari tépa. 
– Hapur beusi = hapur nu leuwih kandel, hésé leungitna. 
– Hapur kembang = hapur nu bodas katempona, bisa diubaran ku daun laja, jsb., leuwih ipis tibatan hapur beusi.
– Hileudeun = kasakit lantaran inféksi dina ramo jeroeun kuku, ngandung nanah tur nyanyautan karasana.
– Jangar = rieut, nyeri sirah jejeletétan.
– Jarawat = éwateun.
– Jarawat batu = jarawat anu galedé, ngagémplék.
– Jéngkoleun = kasakit nyeri kiih nu dilantarankeun ku racun nu aya dina buah jéngkol; jéngkoleun biasana tumerap lamun ngadahar jéngkol rorosaan.
– Jeungjeuriheun = kasakit nyeri kiih, cenah lantaran nginum cai nu can asak pisan.
– Kakadalieun = kasakit barusuh dina juru-juru biwir.
– Keremieun = kasakit ateul bujur lantaran cacing keremi.
– Késrék = kasakit kulit saperti éksim garing.
– Kokoloteun = kasakit kulit dina beungeut (semu harideung) lantaran mindeng kapanasan atawa ku sabab sok maké wedak murah; kokoloteun biasana tumerap ka awéwé.
– Koléra = kasakit nyeri beuteung nu babari nular, bisa maténi; cirina utah-utahan jeung ngayer terus.
– Kotokeun = kasakit panon, kurang awas nénjo, siga hayam teu awas upama geus peuting.
– Kuhkul = éwateun, kasakit kulit dina beungeut.
– Kuris = kasakit cacar.
– Kutil = kasakit sabangsa éwateun ngan leuwih gedé tur leuwih teuas, mun diantep sok ngalobaan saperti nu anakan.
– Lamur = kasakit dina panon, kurang awas.
– Leuncangeun = kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.
– Lilinieun = leungeun jeung sirah ngadégdég dilantarankeun ku kakolotan (aki-aki/nini-nini).
– Lumpuh = awak leuleus teu bisa leumpang atawa paéh sabeulah lantaran gangguan urat sarap.
– Malaria = kasakit muriang panas tiris lantaran kuman nu disebarkeun ku reungit (anopheles).
– Mata iwakeun = sarupa kutil, biasana dina ramo leungeun atawa ramo suku, tumerapna tara lila sarta tara ngalobaan kawas kutil.
– Mejen = hésé ngising, kabebeng.
– Méncrét = kasakit lantaran nyeri beuteung, ngising caian, biasana budak.
– Méntér = kasakit di jero beuteung nu gedé bahayana sarta babari tépa lantaran cai atawa kadaharan; méntér sarua jeung tipes.
– Mengi = asma, ampeg, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama katiisan, bisa népa lamun pacorok wadah kadaharan. 
– Mimisan = kaluar getih tina irung lantaran sariawan, jst.
– Mules = kasakit murilit dina jero beuteung, asa hayang ngising tapi teu daék rut.
– Muriang = awak paranas-tiris, lantaran katerap panyakit malaria, influensa, jsté.
– Murus = muncrut, kalahajat éncér sababaraha kali.
– Nyeri huntu = huntu karasa nyeri alatan koropok, jsb.
– Nyeri beuteung = kasakit dina beuteung, mules.
– Nyeri panon = panon karasa nyeri jeung peureus semu ateul.
– Panas tiris = muriang, awak panas tapi karasana tiris.
– Peluh = kasakit lalaki, nya éta upama raranganana teu daékeun heuras.
– Peujit koréseun = kasakit nyelengit beuteung lantaran telat barangdahar.
– Peuteuyeun = kasakit nyeri kiih nu dilantarankeun ku racun nu aya dina buah peuteuy; peuteuyeun sok tumerap lamun ngadahar peuteuy rorosaan; peuteuyeun leuwih parna tibatan jéngkoleun.
– Radang = kasakit kulit nu nanahan.
– Reunghaseun = kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu bareulah (kawas tangkal reunghas), reunghaseun sok tumerap lamun kulit kakeunaan ku geutah reunghas.
– Rieut = nyeri sirah.
– Rorombéheun = kasakit dina dampal suku pangpangna dina keuneung, kulitna bareulah.
– Sakalor = kasakit sarap, nu boga kasakit sakalor teu karana puguh sababna sok ngadadak teu éling, tuluy ngagolépak kapaéhan sungutna ngabudah.
– Salatri = kasakit anu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur, sebel, tur kaluar késang tiis.
– Salésma = kasakit di jero irung, lantaran katiisan (mindeng beresin sarta léhoan).
– Sampar = kasakit kulit nu babari tépa.
– Sarab = sarua kasakit kulit, tumerapna ka budak.
– Sariawan = kasakit nu ngalantarankeun barusuh atawa kaluar getih tina irung atawa gugusi.
– Sawan = kasakit (budak) nu datang ngadadak sarta ngalantarankeun teu éling atawa awak jengker, huntu ngancing, jsté.
– Séséraheun = kasakit dina susu awéwé nu orokan, lantaran aya cisusu nu teu kaluar.
– Singsireumeun = asa dikarayapan sireum upama getih dina leungeun atawa suku sawatara lilana henteu lancar jalanna, lantaran kaheumpikan atawa lila teuing sila, jsté.
– Sisidueun = gangguan dina jero dada lantaran katiisan nu nimbulkeun ceklak-cekleuk, biasana tumerap ka budak.
– Seueul  = kasakit dina jero beuteung anu karasana pupurilitan.
– Seueul hulu angen = pupurilitan palebah hulu angen.
– Sumbilangeun = kasakit awéwé, nyeri pianakan waktu keur kotoran, nyerina méh sarua jeung dipatil sumbilang (lauk laut).
– Tajam = méh sarua jeung diséntri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil-baksil; nu tajam sok ngayer (murus), sarta kokotorna sok pacampur jeung getih atawa bubudur.
– Tampek = kasakit kulit, ateul semu panas, tumerapna biasana ka budak.
– Tarahum = kasakit panon; pleus atawa mineus.
– Tibar = kasakit sarupa bisul matana tujuh.
– Tuju = kasakit nyeri tuur atawa cangkéng, tume-rapna ka jalma nu geus kolot.
– Tujukuriling = kasakit lanjung (lieur anu pohara).
– Tujulajer = kasakit nu sok tumerap ka awéwé lantaran kaganggu sarapna, sok jengker.
– Turuwisen = kasakit sarupa cénang dina biwir panon. 
– Uuseupeun = kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy, asa aya useupan.
– Wasir/bawasir = ambéyen, kasakit dina bool, nongtot bool.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar