Halaman

Translate

Cari

18 CIRI SHIO ANGGOTA WA GROUP

*18 CIRI SHIO ANGGOTA WA GROUP:*
1.🐈 *Ucing garong*
Teu paduli topik obrolan naon milu asup…ngacak2 terus kabur….
2. 🐧 *Cangkurileung*
Rajin ngalaporkeun kajadian atawa berita naon wae…kajeun teuing geus basi oge….
3.🦃 *Merak*
Sok pamer mosting naon bae…barang, makanan, tempat ulin, dll bari tara mere atawa ngajak…
4.🦇 *Kalong*
Aktif na ngan peuting hungkul bari ngaronda, beurang sare…
5. 🐌 *Keong*
Katingali keur ngetik wae :….is typing…wae tapi lila teu kaluar kaburu kasusul batur….
6. 🦉 *Bueuk*
Rajin ngirim kata kata bijak, nasihat, pepatah….tapi tara ngiluan ngobrol…
7. 🐨 *Kukang*
Baperan….. epesmeer…kasinggung saeutik langsung…” left group” tanpa berita….
8. 🐺 *Ajag*
Karek nimbrung mun aya cewe ngobrol….
9.🐒 *Monyet*
Paling heboh….paling maceuh jeung ngalucu wae matak ngajieun grup jadi rame….
10.🐍 *Oray*
Ilu biung….luar leor ngacapruk kamana wae teu nyambung…ngabodor tuluy seuri olangan….
11.🐀 *Beurit*
Hobi na ngan noongan wae 👀 jarang asup….
12. 🐛 *Hileud*
Loba salah ngetik tapi teu paduli langsung di posting kajeun teuing batur lieur macana……
13. 🦎 *Toke*
Munculna ngan sabedug sakali eta oge lantaran dicalukan….
14.🦊 *Careuh*
Jarang ngobrol…tara komen……hobi na ngan mere emoticon ciga kieu : 🙏👍👌✋👏🖕😁😃😂🤣😍😘🤩😡😱 dst……
15.🐢 *Kuya*
Ti mimiti WA grup dibentuk can pernah sakali oge nongol….
16.🕸 *Lancah*
Hobina ngan ukur macaan chats tuluy ngahapusan….geus kitu hungkul….
17.🐚 *Kumang*
Maca chats WA na bari nyumput da gede kaera (bhs.ind: BESAR KEMALUAN)… mun geus euweuh batur nu ningali karek kaluar deui….
18.🐜 *Sireum*
Sanajan sering ngobrol bareng tapi mun papanggih poho deui….jadi kudu sasalaman jeung say helow deui…
*SOK NGAKU ANJEUN KALEBET SHIO NAON…..?*
😁😄😂🤣✌🙏

Tidak ada komentar:

Posting Komentar