Halaman

Translate

Cari

DUA PULUH AMANAH KOLOT

*DUA PULUH AMANAH KOLOT:*
*_Assalamu’alaikum_*
*1. Sholat awal waktu*
*2. Ulah eureun néangan elmu*
*3. Ulah nyia-nyiakeun waktu*
*4. Ulah eureun néangan babaturan*
*5. Pertahankeun Aqidah anu Murni*
*6. Lamun hayang maju ulah eureun mikir*
*7. Lamun hayang maju kudu daék capé*
*8. Ulah embung disebut bodo*
*9. Ulah embung disebut sahandapeun*
*10. Sagala nu tumiba ka diri gara-gara diri*
*11. Ubar diri aya di diri*
*12. Euweuh nu nyaah kana diri kajaba anu boga diri*
*13. Harga diri kumaha diri*
*14. Ari ngitung kudu ti hiji ulah ujug-ujug angka salapan*
*15. Mun keur nyieun pondasi tong sok waka mikiran kenténg*
*16. Sanajan teu lumpat tapi ulah cicing*
*17. Sagedé-gedéna jalan syaré’at ulah matak ngurangan tawakkal ka Alloh*
*18. Tong leumpang dina hayang, tong cicing dina embung, tapi kudu lempang dina kudu, kudu eureun dina ulah*
*19. Tong lésot haté tina éling ka Alloh dina kaayaan kumaha waé, sedih, susah jeung bungah*
*20. Sarébu sobat saeutik teuing, hiji musuh loba teuing*
*Mugi tiasa diregepkeun*
*Eta amanah ti sepuh urang sadaya, kanggo bekel hirup hurip didunya sangkan salamet tur nepi ka akherat jaga*
*_Wassalamu’alaikum_*

Tidak ada komentar:

Posting Komentar