Halaman

Translate

Cari

HIHIII…. SI NINI LUMAYAN MEUNANG BATI 200JT


Hiji mangsa aya nini-nini datang ka hiji BANK…bari mamawa duit 2 milyar dina koper na..
Maksud rek di tabungkeun..
Tuluy di tanya ku direktur eta bang..
Direktur:”naha ari nini gaduh artos ti mana ?? Meni seu eur kitu ??”

Nini:”nyeta nini teh meunang tina taruhan sujang…!!”

Direktur:”(heran) aah..piraku…!??? Naha taruhan naon kitu nini…!!!!!”

Nini:”nyeta nini teh sok taruhan..ah..teu pira ngan ukur patebak-tebak warna calana jero sujang…!! Nya harita nini meunangan wae…”

Direktur:”(keukeuh teu percaya) aah…teu percaya kuring mah nini…!!”

Nini:”iiih…!! Ari si sujang..!! Nya geus kieu we atuh..sok ayeuna jeung nini urang taruhan…..taruhan na kieu…eta siki bobogaan si sujang lain buleud…!! Tapi kotak ceuk nini mah…lamun nini bener…nini bere 50 jt, mun nini salah…si sujang ku nini di bere 50 jt…!! Kumaha tah ??”

Direktur:”(ngahuleng sakeudeung) nyaa sok lah nini…jadi..!!”

Nini:”heug ari kitu mah..isukan jam 10 an nini rek kadieu deui nya…!!”

Direktur unggeuk…
Tiharita….
Eta direktur sapeupeuting teu bisa sare…
Tuluy we nyidik2 siki bobogaan nana..
Da sieun kotak….
Ari geus yakin mah kakarak maneh na bisa sare…bari lamunan nana bakal meunang duit 50 jt..

Singket carita..
Isuk na nyaan wae si nini geus datang ka bank bari mawa pengacara anu ka koncara nyaeta RUHUT SITUMPUL..

Direktur:”kumaha nini..?? Jadi taruhan teh ???”

Nini:”jadi atuh sujang…!! Malahan nini mawa pengacara tuh…!! Sok ayeuna buka calana nana ku nini rek di pariksa…!!”

Direktur:”atuh tong di dieu nini…!! Era uing atuh…!!”

Nini:”aah teu bisa..!! Kudu di dieu..jadi katingali ku salarea…!!”

Direktur bang eleh deet…
Da kabayang wae bakal meunang duit 50 jt..
Tuluy calana nana di porosot keun..
Harita keneh ku si nini di pariksa siki bobogaan na si direktur bank..
Di cabakkan..di sidik-sidik..

Direktur:”kumaha nini..!!?? Buleud nya ?? Teu kotak….!!”

Nini:”enya sujang..!! Buleud gening….!!??”

Direktur:”(atoh) horeeee…!! Berarti uing meunang 50 jt nini…!! Ngan kuring heran…NAHA ETA PENGACARA NU DI BAWA KU NINI..NGAN NGADAGOR-DAGOR KEUN SIRAH NA KANA TEMBOK…!!?? HERAN UING MAH…!!”

Nini:”HEU EUH NYETA SI PENGACARA TEH KU NINI DI AJAK TARUHAN SUJANG..!! YEN POE AYEUNA..NINI BAKAL NYABAKAN BOBOGAAN NANA DIREKTUR BANK…TAH LAMUN BENER NINI BAKAL DI BERE DUIT 250 JT…..HIHIIHIH
IHHIIHHIIH….”

GUBRAG ETA DIREKTUR BANK KAPIUHAN TEU ELING-ELING..

HIHIII….SI NINI LUMAYAN TAH MEUNANG BATI 200JT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar