Halaman

Translate

Cari

Aya hiji jajaka nu geus lila sakola di Russia, manehna balik ka Indonesia, ka lemburna


Manehna miwarang bapana milari guru agama atanapi Ustad nu bisa ngajawab 3 pananya manehna.
Ahirna didatangkeun pa Ustad.
Jajaka ku sikap angkuh nanya ka pa Ustad:”Anjeun saha? Naha bisa ngajawab 3 pananya kuring? “.
Ustad:”Kuring hamba Allah, ku pitulungNA insya Allah bisa ngawaler pananya anjeun”
Jajaka:”Anjeun yakin? Sabab kuring geus nanya ka sababaraha Profesor tapi teu bisa ngajawab”
Ustad:”Insya Allah kuring rek nyoba ngawaler, naon nu rek ditanyakeun teh? ”
Jajaka:”Kuring boga 3 soal.
1.Lamun Allah aya, cing tunjukkeun ka kuring wujudna.
2.Naon nu disebut Takdir.
3.Lamun setan dijieun tina seuneu, naha diasupkeun ka naraka nu sarua seuneu. Meureun teu karasaeun panas da sarua unsurna.
“Plaaaaak.. Plaaak” Ustad langsung nampiling pipi si jajaka dua kali tarik pisan, nepi ka beureum pipina.
Bari nahan nyeri:”Naha anjeun nampiling kuring, ambek ka kuring ku eta pananya? ”
Ustad:”Kuring teu ambek, tapi eta teh jawaban 3 pananya anjeun”
Jajaka:”Kuring teu ngarti”
Ustad:”Kumaha rasana ditampiling? ”
Jajaka:”Nyeri pisan… Nyahooo!! ”
Ustad:’Jadi anjeun percaya yen nyeri teh aya? ”
Jajaka:”Nya percaya atuh”
Ustad:”Tunjukkeun ka kuring wujud nyeri teh? ”
Jajaka:”Nya teu bisa atuh”
Ustad:”Eta jawaban ni 1, urang ngarasakeun yen Allah aya, tapi teu mampu ningal wujudNA..
Terus peuting tadi anjeun ngimpi teu rek ditampiling ku kuring? ”
Jajaka”Teu ngimpi nu kitu”
Ustad:”Eta nu disebut takdir, jawaban no 2″
Ustad neruskeun:”Naon jenis nu dipake nampiling pipi anjeun? ”
Jajaka:”Leungeun nya kulit”
Ustad:”Ari pipi anjeun? ”
Jajaka:”Sarua kulit”
Ustad:”Kumaha rasana?”
Jajaka:”Pan geus disebut nyeri pisan”
Ustad:”Sanajan setan dijieun tina seuneu, sarta naraka oge seuneu, kuasa Allah, naraka oge tempat nu bakal nganyenyeri/nyiksa setan. Jawaban no 3.
Naha anjeun masih ragu hadirna Allah dina kahirupan anjeun? ”
Mugia mangpaat
BARAKALLAH…
Alih basa ti sapalih

Tidak ada komentar:

Posting Komentar